
Tanggal 30 Apr 2025

Jam: 00:20:41

Total pengunjung: 389

Tos lami kajantenanana tēh, abdi gē di kelas genep ēsdē kēnēh. Saum kaping lilikuran, abdi diajak balanja ku Mamah ka Pasar Pelita. Kumargi balanja kanggo lebaran, atuh mani sagala dipēsēr. Bahan-bahan pikuēheun, piacukeun, dugi ka sambeuleun sareng lalabeun kanggo buka. Kaluar ti pasar, Mamah milarian dēlman,tapi teu aya hiji-hiji acan. Aya gē bēca, Si Emangna keur nundutan. Sanēs emang kētah, da tos rada sepuh, pantesna di sebut Abah. Mamah sareng abdi hawatos bade ngagugahkeun Si Abah tēh, tapi pan anjeunna gē nuju mialrian muatan. Digugahkeun wēh, mani tibuburanjat boa nuju ngimpen Si Abah tēh. Balanjaan dihanjatkeun kana bēca, dibantuan Si Abah. Geuleuyeung maju lalaunan,kantenan basa nyorang tanjakan mah bēca tēh karaosna asa gigibegan. Kumargi hawatos ka Si Abah, Mamah bade lungsur tina bēca. Tapi saur Si Abah tēh wios nu turun mah.Teras Bah ngadorong, kakuping eni rerekētan bēcana, sanēs tuur Si Abah.
Dugi karorompok, nuju panas ērēng-ērēngan. Abah mani ngoprot kēsangna. Hawatos, jaba ngiring ngabantuan nurun-nurunkeun balanjaan, teras dugi ka pawon. Di lebet, Mamah ngaharēwos. Pasihan cai eueut Si Emang saurna.Teras Mamah ngawadahan kuēh kana pisin, abdi nyician citēh bari kana lumur. Barang srog abdi ka payun, karērēt Si Abah nuju ngalungsar nyanghunjar lambar bari ngageberan salirana ku dudukuyna nu rawing. Ēnggal kuēh dina pisin sareng caina disimpen payuneun Si Abah. Nu di sangka badē haripeut tēh kalahkah bengog neuteup leueuteun, teras Abah ningali ka abdi. Abdi mundur, sieun Abah bendu. “ Da Emang gē saum, Enēng. Candakan deui we ka lebet,ˮ saurna. Rupina waē Mamah ngadangueun, teras norojol ka tepas bari pupuntenan ka Abah teu cekap ku sakali punten deui punten deui.
Sajabi ti diongkosan, Abah ku Mama dibahanan bēas, teu kant- un kuēh
tēa dibahankeun. Mani dodongkoan Si
Abah tēh nampina - nganuhunkeun
sababaraha kali. Malih aya tambihna,
“Diduakeun ku Emang, Ibu sing ēnggal-ēnggal
jarah ka Mekah,ˮ saurna. Diaminan ku
Mamah sareng Abdi. Waktos Si Abah tos ngalēos,sanggem abdi ka Mamah,ˮ Geuning tukang bēca gē aya nu saumnya Mah?ˮ “Muhun Mamah gē teu nyangka,ˮ saur Mamah teras ka jamban bade netepan duhur. Lami teu tepang sareng Si Abah, dugi ka boboran. Di Lapang Merdēka, sabubarna netepan Id, gok Si Abah. Horeng namina tēh Bah Toha, harita sareng bojona sareng putrana nu sapantar sareng abdi. Diaracuk, sanaos teu ginding ogē tapi bereresih, katinggal sandal capit Bah Toha weuteuh kēnēh.
Teu hilap harita ogē Bah Toha ku Mamah
sareng Apa dikeupeulan, sapertos biasa
wē nganuhunkeun sababaraha kali.
Nuhun, nuhun, nuhun.
Alhamdulillahirobbil’alamin.